Buku BAHASA SUNDA Halaman 32-34 Bab 4, Disiplin, Jujur Dan Tanggung Jawab Pada Pekerjaan Terjemahan Bahasa Indonesia.
Sampurasun! Setiap orang biasanya mempunyai keahlian masing-masing dan profesi di bidang pekerjaan tertentu, karena profesi atau keahliannya itu dia disebut tukang.
Menurut Kamus Besar Bahasa Indonesia, tukang adalah orang yang mempunyai kepandaian di suatu pekerjaan tangan (dengan alat atau bahan tertentu) dan Orang yang pekerjaannya membuat (menjual, memperbaiki, dsb) sesuatu yang tentu.
Berikut ini nama profesi pekerjaan dalam bahasa Sunda.
Wacana Pakasaban Urang Sunda
Pakasaban atawa patukangan nyaéta pagawéan anu dilakonan ku manusa pikeun nyumponan pangabutuh kahirupan sapopoé.
artinya Pekerjaan atau pertukangan adalah kerja yang dilakukan oleh manusia untuk mencukupi kebutuhan hidup sehari-hari.
Mayoritas pakasaban masarakat Sunda nyaéta minangka patani, nambang keusik, sarta ngahuma. Nepi ka abad ka-19, loba masarakat Sunda anu ngahuma ku cara pundah-pindah. Di kota mah, loba urang Sunda anu gawéna jadi buruh pabrik, pagawé nagari, sarta jadi pembantu. Anu sok dagang kuriling loba ogé dilakonan ku masarakat Sunda, utamana asal Tasikmalaya sarta Garut. Maranéhanana loba ngajual rupa-rupa parabot rumah tangga.
Artinya Mayoritas pekerjaan masyarakat Sunda adalah petani, penambang pasir, serta berladang. Sampai abad ke-19, sebagian masyarakat Sunda berladang secara berpindah-pindah. Kalau di kota, sebagian orang Sunda bekerja jadi buruh pabrik, Pegawai Negeri (PNS), serta jadi pembantu. Ada Juga yang berdagang keliling, yang dilakukan oleh masyarakat sunda terutama yang berasal dari Tasikmalaya serta Garut. Mereka sebagian menjual aneka perabot rumah tangga.
Pakasaban anu pokok di masarakat Sunda téh aya 3, nyaéta :
- Dina widang pakebonan, di antarana pepelakan téh, kalapa sawit, karét, jeung kina.
- Dina widang tatanén, saperti paré, palawija, jeung sayuran.
- Dina widang perikanan, saperti pamayang, tambak udang, jeung perikanan lauk. Salian tani, aya ogé anu pakasabanana jadi tukang dagang, pengrajin, jeung peternak.
Pekerjaan pokok di masyarakat Sunda ada 3, yaitu:
- Di sektor perkebunan, diantaranya tanaman teh, kelapa sawit, karet dan kina.
- Di sektor pertanian, seperti pare, palawija, dan sayur-sayuran.
- Di sektor perikanan, seperti nelayan, tambak udang dan budidaya ikan. Selain bertani, ada juga pekerjaan jadi tukang dagang, pengrajin, dan beternak.
Istilah-istilah Pakasaban Dina Basa Sunda
- Amil nyaéta tukang nguruskeun saniskara nu aya patalina jeung perkara agama di dèsa, disebut ogé lebé. artinya Amil adalah pengurus perkara yang berkaitan dengan urusan agama di desa yang disebut juga lebé
- Anjun nyaéta tukang nyieun barang gagarabah (parabot dapur) tina taneuh. artinya Anjun adalah pengrajin gerabah atau tembikar (furniture dapur) yang terbuat dari tanah liat.
- Badaya nyaéta tukang ngigel (biasana awéwé), di karaton atawa di kabupatén, igelna ogé igel badaya. Artinya Badaya adalah Penari perempuan di keraton atau kabupaten
- Baluk nyaéta awéwé tukang dagang ngider. Artinya pedagang wanita yang berjualannya dengan cara berkeliling dari kampung ke kampung lainnya.
- Baramaén nyaéta tukang jajaluk. Ilikan jajaluk /musafir. Artinya orang yang meminta-minta atau pengemis
- Bas nyaéta tukang kai atawa tukang nyieun wawangunan (imah). Artinya Bas adalah seorang tukang kayu atau pembangun suatu bangunan (rumah).
- Béngkong nyaéta tukang nyunatan (paraji sunat). Artinya Bengkong adalah tukang sunat (Dukun sunat)
- Bujangga nyaéta pangarang jeung ahli dangding nu mashur lantaran hasil-hasil karyana, ahli basa/sastra (ahli pikir nu palinter). Artinya Pujangga adalah pengarang atau ahli sastra yang terkenal karena hasil karyanya.
- Candoli nyaéta tukang ngajaga jeung méréan sagala rupa bahan dahareun di nu kariaan (biasana awéwé), Tukang ngajaga pabeasan dinu hajat artinya Penjaga makanan/yang menyediakan makanan di tempat orang hajatan.
- Dalang nyaéta 1.tukang ngalalakonkeun carita carita wayang; 2. pamingpin rombongan réog, calung, jsb. artinya Dalang adalah 1.tukang untuk mementaskan cerita wayang ; 2. ketua kelompok reog , calung , dll.
- Dokter nyaéta ahli ngubaran kasakit lulusan paguron luhur. artinya Dokter adalah ahli dalam mengobati penyakit lulusan perguruan tinggi atau universitas.
- Dukun nyaéta tukang ngubaran kasakit ku jampé, urut, atawa ku padika anu béda jeung dokter. Artinya Dukun adalah orang yang mengobati penyakit dengan bacaan mantra, pijat, atau dengan metode yang berbeda dari dokter.
- Gending nyaéta tukang nyieun parabot tina kuningan, hususna tatabeuhan saperti gamelan, jeung sajabana. artinya Gending adalah pengrajin perabotan yang berasal dari bahan kuningan , terutama alat musik seperti gamelan , dan sebagainya.
- Indung beurang nyaéta tukang ngurus nu ngajuru jeung ngurus orok (biasana awéwé), disebut ogé paraji. artinya Indung beurang adalah orang yang membantu melahirkan, merawat dan mengasuh bayi (biasanya wanita), disebut juga paraji.
- Jagal nyaéta tukang meuncit munding, sapi jeung sajabana. artinya Jagal adalah orang yang menyembelih kerbau , sapi dan lain sebagainya.
- Juru alok nyaéta tukang ngeuyeub-ngeuyeub kawih atawa kakawihan.
- Juru bayar nyaéta tukang ngabagikeun duit bayaran ka anu hak nampana. artinya Pembayar adalah orang yang mendistribusikan uang yang dibayarkan kepada mereka yang berhak menerimanya.
- Juru ladén nyaéta tukang ngalayanan anu balanja di toko. artinya Juru laden adalah pelayan yang berbelanja di toko.
- Juru mudi nyaéta tukang ngamudikeun kapal laut. artinya Juru mudi atau nahkoda kapal adalah orang yang mengemudikan kapal.
- Juru pantun nyaéta tukang nyarita atawa ngadongéng diselang-selang ku ngawih bari nabeuh kacapi.
- Kabayan nyaéta tukang 1.ngajaga paséban (baheula);2.tukang ngaladénan dina hajatan. artinya kabayan adalah pesuruh.
- Kajineman nyaéta tukang ngajaga sakitan, mandor sakitan. artinya Kajineman adalah Penjaga pesakitan, penjaga lapas atau sipir penjara.
- Kamasan nyaéta tukang nyieun perhiasan tina emas atawa pérak. artinya Pembuat perhiasan dari bahan emas atau dari perak.
- Kebojèngkéng nyaéta tukang ngagusur padati. artinya penarik pedati
- Koki nyaéta tukang ngieun kaolahan, juru masak. artinya Koki adalah pembuat olahan, juru masak atau chef
- Kulaér nyaéta kusir anu tumpakna dina kuda karéta pangagung. artinya Kusir kuda kereta pembesar
- Kuncén nyaéta tukang ngurus kuburan. artinya Kuncen adalah orang yang mengurus/merawat/penjaga kuburan.
- Malim nyaéta tukang meruhkeun sasatoan galak. artinya pawang binatang atau penjinak hewan buas
- Mandor nyaéta tukang nalingakeun jeung ngatur pagawé. artinya Mandor adalah orang yang mengawasi dan mengelola karyawan
- Modin nyaéta tukang adan. artinya Modin adalah Tukang adzan di masjid
- Pamayang nyaéta tukang ngala lauk di laut. artinya Pamayang atau Nelayan adalah orang yang menangkap ikan di laut
- Nayaga nyaéta tukang nabeuh gamelan. artinya Nayaga adalah penabuh alat musik gamelan
- Panday nyaéta tukang ngieun barang/parabot tina beusi. artinya panday adalah orang yang membuat barang atau perabotan yang bahannya berasal dari besi.
- Paraji nyaéta tukang nyunatan atawa tukang nulungan nu ngajuru. artinya Paraji adalah penyunat atau pembantu yang disunat dan juga yang membantu orang melahirkan
- Patani nyaéta tukang ngagarap taneuh supaya kaala hasil tatanenna. artinya Petani adalah mereka yang mengolah tanah untuk memperoleh hasil pertanian.
Nah bagaimana? sekarang sudah paham semua kan. Dari daftar nama tukang basa Sunda di atas, menurutmu tukang apa saja yang sudah jarang atau bahkan sudah hilang di zaman sekarang?