Pupuh Kinanti
Mikanyaah Sasatoan
Cinta Binatang
Hirup jeung papada makhluk
Hidup dengan sesama makhluk
Poma ulah hiri dengki
Jangan iri/ cemburu
Sanajan ka sasatoan
Meskipun pada binatang
Urang kudu welas asih
Kita harus saling menyayangi
Ulah nyiksa sangeunahna
Jangan menyalahgunakan mereka
Da miboga rasa nyeri
Mereka bisa merasakan sakit
Sabalikna mun diurus
Sebaliknya, harus diurus
Sato ge geus tangtu ngarti
Hewan juga pasti mengerti
Ka jalma nu mikanyaah
Orang yang mencintainya
Pasti bakal males budi
Pasti akan membalas budi
Karepna mulang tarima
Keinginannya untuk diterima
Ka urang sok mere hasil
Pasti selalu memberikan hasil
1. Rumpaka pupuh naon di luhur teh?
Jawab: Hirup jeung papada makhluk kudu welas asih, sato mun diurus bakal males budi.
2. Aya sabaraha baris pupuh di luhur?
Jawab: Dua belas
3. Hirup jeung papada makhluk teh urang ulah kumaha cenah?
Jawab: ulah hiri dengki.
4. Kudu kumaha urang ka sasatoan teh?
Jawab: kudu welas asih.
5. Ulah kumaha ka sasatoan teh?
Jawab: ulah nyiksa sangeunahna
6. Sasatoan teh miboga naon cenah?
Jawab: miboga rasa nyeri
7. Sato mun diurus ku urang bakal kumaha?
Jawab: pasti bakal males budi